:

2 Tesalonika 1

1

Kahatur dumateng dulur-dulur di Jamaah Tesalonika, umat kagungan Allah Rama jeung Gusti Yesus Kristus. Ieu surat ti Paulus, Silas, jeung Timoteus.

2

Mugia aranjeun dikurniaan rahmat rahayu ti Gusti Allah Rama jeung ti Gusti Yesus Kristus.

3

Saban waktu sim kuring perlu muji sukur ka Allah ku kaayaan aranjeun, dulur-dulur! Teu rek kitu kumaha, lantaran aranjeun mingkin percaya ka Kristus jeung mingkin silih pikanyaah.

4

Eta sababna aranjeun ku sim kuring dipuji di jamaah Allah, dialem, lantaran kapercayaan aranjeun tetep tangguh, tahan nangankeun sagala kabalangsakan jeung cocoba.

5

Eta nandakeun adilna putusan Allah, nepi ka aranjeun layak jadi warga Pamarentahan Mantenna, sabab geus balangsak ku karana hal eta.

6

Allah bakal midamel sakumaha mistina, sakur anu ngalantarankeun aranjeun balangsak teh baris disina balangsak.

7

Aranjeun anu ayeuna lara balangsak, kitu deui sim kuring, bakal diluginakeun ku Allah, ari Gusti Yesus sumping ti sawarga diiring ku para malaikat anu garagah,

8

sumping dina gedurna seuneu. Anjeunna bakal ngahukum sakur anu nolak ka Allah jeung ka anu embung narima Injil Kasalametan hal Yesus Gusti urang.

9

Maranehna bakal ngarasa hukumanana, binasa salalanggengna, dipeclengkeun ti payuneun Gusti jeung ti lingkungan kakawasaana-Na anu agung.

10

Eta tangtu kitu dina waktu Anjeunna sumping, poean Anjeunna nampi pamuji jeung panghormat ti sakabeh jelema anu percaya ka Anjeunna. Aranjeun oge bakal kumpul jeung anu palercaya kana Injil Kasalametan anu diwawarkeun ku sim kuring tea.

11

Tumali jeung eta, aranjeun ku sim kuring teu kendat dipangnedakeun ka kersa Allah urang, mugi-mugi ku Mantenna dipandang layak pikeun manjing hirup anu langgeng, luyu jeung panyaur-Na. Mugi-mugi ku pangawasa Mantenna, kahayang aranjeun kana ngalampahkeun anu hade jeung sampurna baranggawe enggoning percaya teh tinekanan.

12

Lamun kitu, eta hirup aranjeun teh matak mulya ka pajenengan Yesus Gusti urang, sarta aranjeun oge mareunang kamulyaan ti Anjeunna, ku berkah sih kurnia Allah, jeung ku rahmatna Gusti Yesus Kristus.

Link: